Mubus Impénan 

15/02/2025

 

Mubus Impénan 

Kapireng kénéh ambekan nu ngaweuh
Kana saban ketugna jajantung
Kareungeu haréwos kalimah héman
Tumuwuh jadi pirang-pirang katineung
Nu disébakeun wanci 

Dina ranjang ieu urang tepung
Masrahkeun runtuhna papageran
Nu sakitu waktu ngahalang kahayang
Kalan-kalan ngarangrangan kamelang
Ngaliwatan ungkara basa nu neteg tikoro 

Waktu nu meunang, nganteurkeun urang
Digegenah ku remeng lampu konéng
Sarupa hordéng kelir mawar beureum
Hawar blues jeung rumpaka rasa
Mirigan motahna réma, silih galéntoran 
Saged urang meruhkeun lalangsé 

Aya nu teu bisa disalingkerkeun deui
Atawa dibalieurkeun ku pasemon
Sasatna hideung bodas geus nétra
Urang pada-pada dibuligiran cinta 

 

Tjid Béllen

Potrét mana deui payus dipiagul
Sanggeus kebat kedal lisan pipisahan
Ninggalkeun tapak-tapak katresna

Dikungkung kénéh gandrung
Waktu némbongkeun lansekap
Slide lampah-lampah kalarung

Getering réma masih karasa
Nobros ketugna jajantung
Napak gerat-gerat urat nadi

Tjid béllen, kuring masing surti
Di peuntaseun garéja nu sarua
Tempat anjeun nepungan Yésus

Meredih ku Injil
Urang téh muru Natal sanés?
Hanjakal waktu buntung sukuna

 

Nguniang

Wening soca salira
Mencrongkeun isarah
Hartina lir laut nu jero

Langit cangra, Jungjunan
Di luhur bulan moncorong
Ombak ti laut katresna
Neumbragan kamelang

Sabaraha karang
Kudu diléngkahan
Sakumaha jero laut
Kudu diteuleuman

Sangkan manggih
Mutiara kalbu salira
Nu eusina jawaban

Tina kapanasaran eusi haté
Naha enya salira ogé mibanda
Rasa sarua nu bisa dipénta

Duh, Jungjunan
Mana teuing lewangna
Barang mireng jawaban
Kiwari kuring nguniang

 

Jemplang 

Peun
Mangsa umur tunggang gunung
Pangangkeuhan ngan kari dua
Teu boga jeung teu ngaboga-boga
Sésana éstuning darma ka anjeun-Na
Sabab waktu dipadung pati 

 

Kurung

Panon poé geus surup
Tetengger jeung samoja
Dihakan mongkléng

Peuting ditiiran simpé
Gumuruh ngan jeroeun haté
Lir darat nu disapu sagara

Cuang-cieung sorangan
Geus taya angkeuhan
Saprak ngeusi pajaratan

 

Dénalaga

Balébat tara kendat mapag matapoé
Katresna ligar marengan harepan
Ka anjeun, Jungjunan

Urat nadi jeung getih teu kendat lajuna
Nyukcruk waktu ngadeupaan mangsa
Néang anjeun, Jungjunan

Nguniangna lampah nya harepan
Anjogna asih nya ka anjeun

 

Cévi Whiésa Manunggaling Hurip gumelar di Tasikmalaya. Nulis dina basa Indonésia jeung Sunda. Buku puisina Setia Ialah Farhatun (2020) jeung Sabrina Nama Terpenggal (2022). Lian ti nulis, aktif dina kasenian wayang golék, téater, jeung musik. Sapopoéna mancén gawé di LPPL Dishubkominfo Kabupatén Tasikmalaya. Instagram: @cevi_whiesa